Sajak Tien Rostini
Sajak
Dangdanggula Tahajud
Aduh Gusti Anu Nyangking Asih
Duh Pangeran Nu Ngawasa Tresna
nu wanoh jeung kereteg hate
rumaos abdi mahluk
nu teu wasa nyingkiran asih
nyimbeuh seuneu katresna
nu geus kadung hurung
iklas ditumbal ku nyawa
jeung tinimbang tebih ti nu dipiasih
pajauh jeung nu heman
Nuturkeun
Majar anjeun rek maturan
sanggeus kuring ditinggalkeun
majar anjeun rek miheman
mun kuring keur sedih kingkin
Majar arek ngabeberah
mun cipanon kuring bedah
majar anjeun arek haat
mun cipanon teu saat-saat
Buktina geuning ayeuna
anjeun mulang ka pangkonan
Illahi robbi Alloh subhanahuwata'ala
subhanahuwata'ala
Anjeun mulang miheulaan
patuturun na rangkulan
Nu Maha Suci
bral anjeun mulang ti leula, pileuleuyan
Hiji waktu kuring bakal
pinasti geusan nuturkeun
ngahiji di kalanggengan
tumut ka Illahi robbi
duriat pegat teu sapat, pileuleuyan
Bogor, 2009
Tidak ada komentar:
Posting Komentar