Kamis, 11 Februari 2010

Sajak

Lagu Kangen

Ku Risnawati

Geus lebah mana lengkah anjeun ayeuna
Geuning angin jongjon bae
Teu malire ieu hate
Nu lawas dibakutet rante simpe

Di mumunggang mana anjeun nunda kakangen
Sampeureun hate nu pinuh ku angen-angen
Lawas temen waktu maluguran
Dina regang-regang rasa nu ngarangrangan
Tanpa katresnan

Di pengkolan mana urang nepungkeun rasa
Nu lawas dirungrum kembang-kembang kemba

Jaruji Beusi

Ku Hj. Amalina Nurrohmah

Jangjang peuting ngarungkup piasna beungeut
Angin peuting ngalimbungkeun deetna hate
Sagelas inuman nganteur sajuta kalangkang
Dipirig wirahma sumbang tanpa tujuan

Ngalanglang rewuan mamanis dina impian
Mangsa lilir anjeun jumerit nungkupan diri
Cenah keueung nyeueung panon nu bolotot teu nenjo
Cenah reuwas ningal awak nu taranjang
Ngamalirkeun geutihna tina tatu katunaan

Deudeuh teuing anaking jimat awaking
Pirang raga wanti-wanti ka anjeun naha teu bae ngarti
Naha anjeun bedegong
Wayahna anjeun kudu meuseuh diri
Dirohang jaruji beusi

Rajagaluh, 25 Oktober 2008


Sajak-sajak Tika Yuanita
Gupay Ijroil

Lampu-lampu peteng atra nyaang nu ngalalakon
Galur kahirupan lir ibarat jalan nu teu manggih tungtung
Sedeng Ijroil gugupay na tungtung jajantung
Teuing saha nu bakal miheulaan
Sakabehna paembung-embung digero
Geuning dunya teh geus rek surup
Marengan Ijroil muru mangsa
Teuing naon nu baris kasorang jaga
Sedeng dunya geus sengserang padung

Ledeng 17 Mei 2009

Telekin

Kalimah Anjeun teu kedal diucap
Aya kalimah nu nyelek dina dada
Tapi kuring teu kembat pikeun ngucap
Aya harewos nu niiskeun batin
Tapi kuring teu bisa ngedalkeunana
Ukur lampah nu karasa nurihan ieu kalbu
Teuing naon nu kudu dilakonan
Sedeng ajal geus aya dina tenggek
Kuring ukur sumegruk dina handapeun samoja
Nyaksen nu nalkinkeun layon diurugan taneuh beureum
Sedeng kuring kudu nandangan siksaan
Nu moal eureun dina itungan mangsa
Pajaratan jadi saksi pamungkas carita

Ledeng 17 Mei 2009

Bangbara nu Kungsi Nyanding

: Din
Kembang-kembang malati kiwari geus laligar
Ngarangrangan saacan usumna
Boa, bangbara nu kungsi nyeuseup seungitna diri kuring
Geus hiber kabawa angin
Ah, kuring mah hiji kembang nu pasrah kana titis tulis
Nu teu bisa mungkir kana kadar
Bangbara mihape katresna kuring nu kungsi paheut dina ati
ulah rek diumbar jeung diiburkeun
kuring rek mulang ngaleupaskeun sagara cinta jeung cimata

Bumi Siliwangi, 15 Mei 2009

Tidak ada komentar: