Re-uni Akbar
Carita Pondok
Ku Lenny Djanurlia S
"Upami abdi taya wartos antawis dua tilu dinten, eta hartosna abdi nuju numpi, nuju titirah di rumah sakit. Cuci darah. Ngahaja, hp tara diwaler, abdi alim katingal rapuh, katingal lemah. Hapunten abdi Kang. Ku ageung-ageungna kanyaah abdi ka Engkang, kadeudeuh abdi ka engkang. Abdi alim kapendak ngagaduhan panyawat ieu. Abdi hoyong katingal sehat, katingal berag, di payuneun Engkang. Sugan jeung sugan Akang aya kaemutan pikeun nepangan abdi sawaktos-waktos.
Sok sanaos abdi kedah miheulaan Engkang, nampi panyaur ti Gusti Anu Maha Suci, Abdi pasrah, abdi iklas Kang, hiji anu ku abdi teu weleh disuhunkeun, mugia Pangeran masihan kasempetan ka abdi pikeun patepang sareng Engkang, janten panutan Engkang, sok sanaos kahoyong abdi moal enya tinekanan, hoyong janten garwa Engkang, moal, moal Kang, dugi ka tutup umur oge, jigana moal kaalaman. Namung mugia kauninga ku Engkang kanyaah abdi nu ngembat moal reuntas salamina, sanajan Engkang teu kagungan rasa nu sapertos abdi.
Ti poe ka poe, abdi nyambat jenengan Engkang, dina diary, dina du'a, dina impenan... Ukur Engkang panutan abdi, dunya aherat. Ukur Engkang, sanaos mung dina implengan, sanaos Engkang ukur panutan dina dunya hayal, dunya anu teu nyata...
Cicalengka, tungtung taun.
"Buku ibu, ragrag, mangga, nyanggakeun," dokter ngasongkeun diary anu murag, sigana kaiserkeun basa leungeun obah. Karasa pisan atuda cangkeulna, ngabagegelna leungeun jeung urat-urat upama geus cuci darah teh. Dina kaayaan kieu kakara kuring sadar, geuning ku ayana sehat teh mangrupa ni'mat ti Alloh anu wajib disukuran.
"Hatur nuhun, Dok," panon mencrong dokter, saumuran jeung kuring, malah katembongna asa-asa kungsi panggih... Tapi, di mana?
Jigana dokter oge terus rasa, manehna mencrong lila,
"Ibu pasen enggal? Biasana lalandong di mana?" dokter ningali status kuring anu ngajeblag dina tunjangeun.
"Di Bandung, Dok..."
"Ibu... Lenny? Ke sakedap, sanes Leni tilas SMA Margahayu? Mantan Edhit?..." dokter neguh.
Hate ngagebeg, teu sirikna kuring hudang, maksa diuk. Sasaha wae anu jebolan sma saentragan kuring, pasti mun panggih jeung kuring, pananya na sarua, Leni, mantan Edhit... ku legendaris geuning, bobogohan mangsa sma teh, nepi ka teu bisa dipopohokeun ku sarerea... Panon neges-neges dokter, kolenyay-kolenyay aya sosok budak sma, hiji-hijina budak awewe nu miboga ciri has, buukna diuntun dua, sanajan mangsa harita geus teu usum gaya buuk dikitukeun teh.
Ayeuna buukna ditutupan ku jilbab, ku kuring kagambar, eta teh pasti Nunung, Nunung Hapidah, murid pangpinterna di kelas IPA baheula...
"Nunung? Dokter... Nunung?" asa hayang ngagabrug, nembongkeun kasono, tapi hate teu merean, bisi dokter eraeun, enya oge baheula babaturan, tapi saha nu nyaho, ayeuna mah Nunung teh saha....
"Subhanallah, Len, Hatur Nuhun ditepangkeun..." tungtungna Nunung nu nyampeurkeun teh, ngagabrug.
"Geuning Leni kagungan panyawat kieu?" geus rada lila ngobrol ngabudalkeun kasono, Nunung mariksa kaayaan kuring, cepengan dokter saha, Len? Wios ka Nunung konsul ka anjeunna, cenah, tapi teu nungguan jawaban ti kuring manehna geus ngagereyem, "Oh, Dokter Budi," sok atuh istirahat heula, nya, Nung permios, heula..." bari nutupkeun hordeng, manehna ngaleos.
Gusti, geuning eta teh Nunung. Pinter soleh, jeung... bageur deuih, teu miceun ka babaturan. Geuning biasana mah lamun geus aya di luhur sok tara hayang wawuh ka babaturan teh. Teu Nunung mah geuning, angger bageur jeung berehan, sok sanajan katempona dines, tapi mani taliti jeung someah.
Geus aya tilu poe, kuring opnameu, balik penelitian, ngadon nganjang ka uwa nu nganjrek di Cikancung. Tadina ukur hayang panggih, tapi geuning aya wae jalanna, pikeun kuring lila di ieu tempat.
Lain teu hayang kuring pindah dirawat ka Bandung, tapi dokter teu ngijinan, padahal hate mah hayang geura balik, karunya ka Uwa, ngarawatan, ngemitan kuring beurang peuting. Sok sanajan katembong berag jeung hegar, tapi kuring teu tega nempona kawantu uwa teh tos sepuh.
Uwa teh indung pulung kuring, anu ngarorok kuring ti keur leutik, nyahona eta indung kukut teh sanggeus kuring gede, barang rek sakola SMA di Bandung. Tapi ketah keur kuring mah atoh we boga indung dua, dipikanyaah ku itu ku ieu.
Sarua kuring teh jeung uwa, sanasib, teu kungsi boga salaki, meureun geus kitu we ti ajali na. Lain teu hayang kuring ngasaan ngambah rumah tangga, ngasuh barudak, ngadidik, metik hasilna, bari ibadah nungguan panyaur Gusti. Tapi geuning nasib kuring mah lain kitu, dunya laki rabi teu kaasaan ku kuring.
Asalna mah aya kahanjelu ka Pangeran, tapi ayeuna kuring sadar, mana teu dibere uruseun teh da geuning Alloh kagungan rencana sejen pikeun kuring. Alloh masihan pangbeubeurat ka kuring, dipikanyaah, dipaparin panyakit.
Beurang peuting ngadeluk nyanghareupan komputer. Nulis naskah, laporan, penelitian anu hasilna ngalir ka... rumah sakit, dipake panumbu umur. Sabab kuring mah lain pagawe negeri, anu nampa gajih unggal bulan. Lamun kuring teu digawe rek ti mana nyiar keur mayar ubar? Keur biaya cuci darah?
Teuing perbawa panyakit, teuing memang geus kitu kuduna, kuring kudu lila di Cicalengka, teu meunang balik, teu bisa balik ka Bandung, padahal dua minggu deui rek boga hajat, ngawujudkeun cita-cita hayang ngariung jeung babaturan baheula, babaturan mangsa SMA. Kacipta meureun, Susi, ketua panitia deudeupeun nungguan kuring teu embol-embol. Antukna kuring boboleh, nelepun manehna, menta tugas kuring teh dipasrahkeun ka batur.
Pabeubeurang babaturan ngabring ngalongok kuring, mangdu'akeun, supaya gancang sehat sabihara-sabihari.
Piligenti dokter nganjang ka rohangan kuring, sawareh aya nu nembongkeun kaberag, sawareh deui aya nu teu bisa nyumputkeun kahariwang.
Geus saminggu kuring dirawat. Asa euweuh kamajuan, biasana mah poe ieu cuci darah, isukna geus jagjag deui pikeun nungguan cuci darah bulan hareup. Ayeuna mah teuing ku naon, mani asa lalungse jeung teu puguh rarasaan.
Aya eta ge, kungsi, Dokter Budi ngobrol daria, perkara panyakit kuring. Cenah aya komplikasi, cenah, kakuatan organ jero geus teu kawas biasana. Tapi ketah, Gusti nu maparinan panyawat, Gusti oge anu ngadamangkeun.
"Hey, kalah ngalamun, diajak berag anggursi, ulah muyung kitu..." Nunung ngagareuwahkeun.
"Geuning? Manawi teh saha? Naha teu dines?" kuring marahmay, nempo Nunung asup ka rohangan. Manehna teu make baju dines, estu santai, nyalse.
"Henteu, ngahaja hoyong ngobrol,... kumaha, janten sareng Edhit teh?" tuh nya mani togmol... Abong enya legenda cinta, dipake wae bungbu obrolan.
"Numawi,...rupina Alloh teu ngijinan pikeun ngahiji..."
"Piraku, pan sakitu layeutna? Sakitu geugeutna?" Nunung nyeleksek.
Geuningan batur mah kacida nyahoeunana, kumaha layeutna urang kapungkur, kumaha geugeutna urang harita,... kumaha deudeuhna anjeun, kumaha deudeuhna kuring ka anjeun... Tepi ka ayeuna, malah, kuring mah.
Batur mah kacida awas kana wewegna cinta urang, cinta munggaran anu meulit nepi ka kiwari. Panon meureudeuy, hate asa diturihan, batur mah Dhit... nyahoeun kana lalakon urang, teu mopohokeun, naha ari anjeun, tega miceun diri kawas miceun kekesed anu geus buruk?
Kuring ngabalieur, era, sieun kapanggih ragrag cimata.
"Kumaha rerencangan nu sanes? Aya wartosna?" Nunung nyalenggorkeun.
"Puguhing ieu teh bade aya reuni akbar, kaleresan abdi humasna, ari ieu kalah nombro di lembur batur. Tos tilu sasih kapengker hunting rerencangan teh, Alhamdulillah, kapendak sadayana, Nunung nu terakhir, bade sumping?"
"Insya Alloh, sareng we ka dituna, sebatkeun we Nung teh dokter pribadi Leni, kituh nya?" Nunung ngaheheh,... Resep lah, dokter teh berehan, teu judes, matak betah nu jadi pasen.
Kadituna Nunung ngobrol daria, meh sarua jeung anu diwakcakeun ku Dokter Budi, bari terus ngagedean hate, nitah mumuntang ka Nu Kawasa.
"Tos ayeuna mah, istirahat heula, Nung wangsulna, nya?" manehna peupeujeuh ka kuring, ka suster, ka dokter jaga, kuring asa diistimewakeun dumeh sobat dokter kepala.
"Alhamdulillahirobbil Aalamiin," biwir embut nganuhunkeun. Pirang-pirang nganuhunkeun teu rek kitu kumaha tuda, kuring dipaparin impenan, patungtun-tungtun sareng anjeun, thawaf di baitulloh, ngurilingan ka'bah, di antara mangrebu umat anu nuju ngalakonan ibadah haji. Wukuf di Arafah, rerendengan jeung anjeun ngajugjug Jabal Rahmah, anu di alam nyata tacan kungsi kuring nincak tanah suci. Pirang-pirang nganuhunkeun dipaparin nikmat kumaha rasana munggah haji sok sanajan ukur din aimpian.
"Ibu mani hegar, raos kulemna?" suster ngabageakeun.
Manehna muka jandela, muka serelek hordeng, seungit malati ngadalingding tina sela-sela vitrase anu kaoyagkeun ku angin ngahiliwir.
Seger jeung mawa katingtriman.
"Alhamdulillah Neng, kaping sabaraha ayeuna?"
"Tilu belas, Bu," suster nembalan, bari nanggeuy baskom jeung wash lap, pikeun ngelap kuring.
"Tilu belas? Juli? Ulangtaun Edhit?" hate ngagebeg. Pan ayeuna reuni akbar teh? ngahaja make tanggal tepung taun manehna, pedah ukur manehna anu panglingasna. Ukur manehna anu embung datang unggal diondang teh. Padahal baheula mah imahna paeunteung-eunteung jeung sakola, ngan salila tilu puluh taun ieu ukur manehna anu tacan sakali-kali acan kungsi milu ngariung jeung babaturan.
"Kang, wilujeng Tepung taun... Ukur kaajaiban Alloh anu bakal nungtun salira sumping nepangan abdi, wilujeng..." karak sakotret nulis na diary, kuring teu wasa nulis deui, ka dituna buntu. Tacan kungsi kuring kawas kieu. Biasana mah naon anu dipikirkeun ku uteuk, langsung bisa dikamalirkeun ku leungeun dina wangun tulisan. Naha ayeuna kieu? Hate marudah, aya nu nyelek dina tikoro, aya inghak anu maksa mudal... Gusti, aya ku beurat nandangan kaasih anu tumuwuh ti poe ka poe, ti mangsa cinta rumaja. Ieu dada asa rek bitu. Gusti, aya ku beurat nyidem kasono mangtaun-taun.
Kuring beunta. Deudeuh Edhit, karasa telebna teuteup anjeun, nembus jajantung. Ketegna karasa kerep ngeundeurkeun jiwa. Edhit nginghak? Naha aya kanalangsa dina teuteup anjeun, Dhit? Naha anjeun henteu bungah patepang jeung kuring? Engkang, panutan abdi, hatur nuhun kersa sumping rurumpaheun, hatur nuhun, Kang. Alloh parantos nembongkeun ka ajaiban-Na, Alloh parantos nyumponan kahoyong abdi, pikeun patepang sareng Engkang sateuacanna mulih kana pangkonan Ilahi.
"Dhit, gugah Dhit, teu kenging kitu, isin ku rerencangan," kuring ngaguyah-guyah leungeun Edhit anu muntang dina taktak, karasa aya nu ngeclak kana pipi.
Cimata anjeun, Dhit.
Haneut, ngahaneutan hate.
Panon nguriling, enya geuning ieu teh re-uni akbar, tuh geuning Susi, Eli, Gina, Eti, Aas, araya kabeh, Hera, Deni Ruma, Yogi, Opik, malah mah Dadang nu ayeuna jadi Kades oge aya, tapi naha re-uni teh kalah ka ngaruyung? Diajak seuri oge euweuh nu ngabales...
Jeung di mana deuih ieu teh, mana rea-rea teuing jalma, kuring usaha hudang, piraku loba semah kieu kuring ukur gogoleran, teu sopan pisan.
Leungeun uyup-ayap kana sisi dipan, gurinjal hudang, kuring ngajaul keuna kana lalangit, asa hararampang kieu? Kuring teu kudu leumpang, ukur kakalayangan.
Kuring bisa hiber? Koloyong ka ditu, koloyong ka dieu, cle na luhur bupet, asa bungah bisa ngapung.
Hawar-hawar kadenge nu maca yasin awor jeung nu ngaji. Kuring ngarandeg, naha re-uni teh make jeung aya yasinan? Pedah re-uni akbar kitu? Aya-aya wae, kuring gogodeg.
Panon neges-neges, ari itu saha nu ngajepat dina dipan? Edhit diuk na tunjangeunana, panonna katempo kosong, sakapeung inghakna katara, enya oge lalaki, bisa nyamunikeun rasa. Tapi angger katembong.
Enya kitu Edhit masih nyimpen rasa ka kuring?
Gusti... Geuning eta teh Kuring?!!!
Ana kitu mah... re-uni teh?...
Kuring nyempod di juru, teu wani kakalayangan deui. Bener geuning, ieu re-uni akbar teh, kuring sukses mancen tugas, ngahijikeun sakabeh kulawarga alumni IPA '80.
Kuring neuteup Edhit, sagemblengna, nyata... anjeun nyata aya hareupeun kuring. Anjeun ayeuna nyata aya di dieu, tapi ayeuna kuring geus sah ti dunya, ayeuna kuring anu teu nyata. Tapi naha kacinta kuring ka anjeun teu pareum, Dhit. Kacinta kuring ka anjeun muwuh meulit teu beunang disisieuh?
"Tos bageur, panutan hate... ulah nangis.
Iklaskeun abdi. Alloh parantos nyumponan kahoyong abdi, Anjeun sumping pikeun nebus panyawat abdi. Hatur Nuhun kaasih ati, mugia anjeun mendak kabagjaan salalawasna, amin..." ***
1 komentar:
Mangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.
wealthylovespell@gmail.com
Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446
Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com
Posting Komentar