Rabu, 10 Februari 2010

Kalangkang Impian
Carita Pondok

Ku Laili Apsari

Tadi wengi engkang tangtos ngimpen deui. Sapertos sasari, salebeting ngimpen teh engkang bangun nu kebek nyidem rusiah, nu boa matak abot kacida upami kedah dibalakakeun ka abdi.

Kawitna mah abdi teh teu kinten ewuhna. Leres, sapertos sasari, engkang kulem tibra naker. Ngageubra, mani bangun nu kacida tingtrimna. Ari hiji wengi, tilu minggu kapengker, engkang kulemna gulinggasahan. Semu luhlah sareng rumahuh. Abdi ge dugi ka lilir. Teras neuteup leleb ka engkang anu nuju gulinggasahan. Ukur neuteup, da puguh abdi teu wantun ngagugahkeun.

Kantenan, abdi teh ewuh, engkang. Sasasih katompernakeun mah engkang teh bangun nu enya nuju ngemu rusiah. Kulem sok bangun karobeda ku impenan. Naha bet henteu sasauran, balaka satarabasna nembrakkeun rusiah tea?

Kantun abdi nu sok teras rumaos, "Duh, boa enya ieu abdi nu kirang gumusti ka salira engkang?"

Dua minggu kamari mah, impenan engkang teh tangtos ngusikkeun pisan kana mamanahan. Eta bae, lintang ti gulinggasahan, engkang teh geuning dugi ka gundam. Nu banget ewuh sareng matak nerag kanggo abdi mah, engkang gundam bari teras nyebat hiji jenengan. Istri geuning, engkang, jenengan nu sok disebat ku engkang teh estu jenengan istri.

Lusiani. L-u-s-i-a-n-i. Leres, Lusiani!

Duh!

Engkang, aya ku endah eta jenengan. Kantenan, bakal sami endahna sareng pameunteu katut dedegan nu kagunganana. Naha saha eta teh, engkang?

Bet padahal, upami engkang balaka, abdi ge da moal teuing bade owel. Kahartos, tur karaos deuih, naha naon pangna engkang ngimpleng atanapi boa mikangen hiji istri? Tos kajudi ku abdi ge, engkang, manah engkang teh direumpeukan ku kakeueung anu pohara. Tuda kama'lum pisan, di bumi ukur duaan, kadua abdi. Tos bade sapuluh taun kapan urang rumah tangga. Namung Gusti Alloh teu acan keneh maparin rundayan. Sageuy engkang teu ngaraos keueung sareng ngaraos sepi?

Ayeuna engkang mikangen deui hiji istri? Sumangga teuing, abdi mah seja ngiringan. Engkang mah da puguh pameget, wenang palay midua ge, dapon laksana kagungan rundayan keur geusan neraskeun turunan.

Hih, ari engkang. Sanggem tadi ge abdi mah kantenan bade ngiringan bae upami engkang mikapalay deui ka nu sanes. Engkang kantun wakca. Sanaos sayaktosna beurat nataku, nanging kapan gurat nu janten istri mah taya daya keur geusan mungpang. Sumuhun, da sanggem tadi ge engkang mah kapan pameget; wenang kagungan maksad midua manah. Balikanan abdi, pangawak awewe, cacak nembe kereteg ge, leuh Gusti Alloh tangtos bendueunana. Mangga, insa Alloh abdi mah da bade rido.

Nanging naha atuh engkang bet teu bae sasauran?

Muhun. Saban urang tepang teuteup, ayeuna mah engkang teh bangun nu sungkan medar lalakon impenan. Padahal mah abdi banget hoyong terang, naha impenan nu kumaha dugi ka engkang bangun nu karobeda kitu? Lusiani. Naha saha atuh eta teh, engkang? Emh Gusti, sageuy mun eta nu kagungan jenengan teu matak lucu?

Saterasna, kantun abdi nu teras ngawagu. Saban waktos teu weleh dilimpudan liwung. Malih, ieu panon sok teras ngalimba upami pareng ningal engkang taya pisan kaberagan. Saban engkang ngalengkah sareng ngaringkang, ku abdi teu weleh ditutur-tutur diperhatoskeun. Enya, ti awit engkang lugay ti pajuaran, teras muru ka jamban, nganggo raksukan, tuang, disapatu, tug dugi ka angkatna ka kantor, ieu hate bet teras dikukuntit ku patarosan, "Naha saha atuh Lusiani teh, engkang?"

Sapertos kamari, ti kawit engkang tuang, teras nyandak tas, teras nganggo sapatu, teras ngambung kana taar abdi samemeh jung pisan angkat ka kantor, bari neuteup teh da abdi mah anteng mentangkeun patarosan, "Na kunaon engkang teh teu bae wakca?"

Engkang bet bangun ngeukeuhan ngabigeu dina jempling.

Bet batina, abdi kalah lalanjung. Neda tara mirasa, sumawonna mondok, tara bae mendak tibra. Salangkungna mah, sok teras merhatoskeun engkang nu saban kulem bangun nu ngimpenkeun bae istri nu eta. Lusiani. Lu-si-a-ni. L-u-s-i-a-n-i!

Geura ieuh, wengi ieu ge abdi mah teu tiasa mondok bae. Sanaos dipeureum-peureum, geuning panon bet kalah merenyeng hoyongeun beunta. Ti dinya teras lami naker neuteup lalangit. Cangkeul neuteup lalangit, teup bae mayun ka engkang. Neuteup lalangit deui. Neuteup pameunteu engkang deui. Kitu bae piligentos. Nanging mimindengna mah sok teras anteng neuteup leleb kana pameunteu engkang.

Tebih salebeting ati mah, abdi teh kalintang ngaraos bagja. Tiasa hirup sumanding nyarengan engkang. Emut bae mangsa kapungkur, ka engkang seueur nu sumolondo palay ditikah. Teu sakedik istri gareulis, ical di kaisin ngedalkeun tresna. Nanging naha engkang bet milih abdi? Abdi mah jalmi biasa, nya naon araheunana?

Keureut pameunteu engkang ti kapungkur dugi ka ayeuna bangun taya bentenna. Kasepna bet katingal langkung-langkung. Kantenan abdi teh bagja. Namung abdi ge banget teu tiasa nyieuhkeun rasa lewang. Sageuy upami di padamelan, ka engkang teu aya nu mikaangen? Boa seueur istri, boh nu nembrak boh nu bari malipir, ngahaja nyaketan ka engkang? Leuh, sageuy teu kitu onaman, engkang?

Ari ayeuna, ieu abdi mani geugeut ningal pameunteu engkang. Ku asa teu seubeuh-seubeuh neuteup dibarung meumeut. Engkang kulem estu tibra pisan; mani katingal bangun tingtrimna, mani katingal bangun tengtremna.

Nanging naha atuh, lami-lami mah engkang teh kalah gulinggasahan? Tina taar ngawitan kaluar cikaringet. Engkang bangun nu sesek. Sareng eta dami mani semu nu raranjugan! Teras luhlah. Lami-lami mah, engkang rumahuh bangun nu nuju ngemu bangbaluh. Leuh, eta salira dugi ka geugeubigan kitu sapertos nu nuju kaeunteupan kasieun nu langkung-langkung.

Duka nu ka sabaraha puluh kalina, engkang teh gundam deui. Nyebat jenengan Lusiani mani taya lirenna. Lusiani. Lu-si-a-ni. Emh, kacipta ku abdi ge engkang, Lusiani teh tangtos kana geulisna. Tangtos kana lucuna. Naha bet teu enggal-enggal diwanohkeun bae atuh ka abdi?

Tayohna, tina rongkah teuing engkang ngimpenkeun eta istri, bari gundam kitu teh engkang kalahka teras gugah. Duh Gusti! Ti dinya engkang lajeng mencrong seukeut kana lalangit. Leuh, tadina mah abdi teh bade teras api-api mondok, inggis katohyan ku engkang upami abdi ti tatadi nuju merhatoskeun engkang. Nanging henteu, abdi kajongjonan teuing. Geuning engkang teras malik neuteup ka abdi. Eta teuteup, duh, mani leleb kitu. Ampun engkang, hapunten abdi upami tos ngaganggu ka engkang anu nuju tingtrim kulem.

Bet engkang kalah teras bae neuteup. Abdi teu kiat upami diteuteup bae sapertos kitu mah. Lami-lami mah, panangan engkang lalaunan kalah mapay kana peupeuteuyan. Teras pok ngalahir lirih naker, "Geuning enung teu acan kulem?"

Duh Gusti! Ieu abdi kalah anteng ngawagu. Abdi teu wasa engab. Antukna mah engkang nu teras leah teu deui neuteup. Teras nyandakeun salira kana panyarandean pangkuleman. Pok waeh engkang teh naros deui lirih naker, "Na kunaon enung bangun anu teu acan kulem?"

Lahlahan abdi ngawalonan, "Tuda hoyong lami neuteup ka engkang."

Lami engkang teu sasauran deui. Kalah teras neuteup deui ka abdi. Mani karaos tumerus kana mamaras. Tangtos tina manah engkang aya pangjurung anu pohara geusan kedalkeuneun ka diri abdi. Leuh, kacipta upami engkang teras sasauran, "Enung, saleresna mah engkang teh tos lami pisan micileuk hiji istri. Kumaha timbangan enung upami engkang........"

Duh, naha bet teu kiat geuning Gusti kedah nampina?

Tapi nu pok ti engkang teh geuning, "Enung percanten kana impenan?"

Teup bae engkang ku abdi diteuteup leleb naker. Naha ngimpen naon atuh engkang teh?

"Tos meh sasasih engkang teh ngimpen bae gaduh putra," saur engkang halon pisan. Bep, ieu jajantung mani asa bade coplok.
"Da mani asa enya engkang teh tos gaduh putra, istri lucu pisan. Heug ku urang dinamian Lusiani. Eta tuda Lusi teh pedah lucu pisan. Geulisna ngala pisan ka enung. Mani bungah engkang teh, Nung. Hanjakal, eta mah ukur impenan. Mung ukur impenan," saur engkang deui teh.

Engkang teras neuteup deui mani leleb pisan. Saur engkang deui teh, "Nanging upami enung keresa sareng luntur galih, kumaha upami enjing mah urang cobian deui parioskeun ka dokter kandungan. Mani tos mangtaun-taun urang teu deui nepangan dokter?"

Bep! Teu kawawa ieu panon mani alim lesot neuteup ka engkang. Eta pameunteu deuih mani katingal langkung cahayaan kitu. Engkang teh jungjunan abdi, panutan lahir jeung batin. Numawi ku abdi teras dirangkul digalentoran. Bagja abdi teh engkang. Abdi ge da mani tos hoyong sapokpokeun ngedalkeun kabingah ati; kabingah abdi, kabingah engkang, kabingah urang duaan. Mugi kauninga ku engkang, da satemenna abdi ge tos telat meh sasasih langkung. Mangga, mangga, enjing urang parioskeun ka dokter. Muhun, tos mangalam-alam urang tara nepangan dokter, ngadon marioskeun kaayaan urang.

Leuh engkang, mani asa enya urang teh nuju ngantos si inji. Deuh, mun tea mah enya urang bakal gaduh putra, heug istri, mangga urang namian bae: L-u-s-i-a-n-i. Lusiani!***

Garokgek, Mei 2009

Tidak ada komentar: