Pangkur
Carita Pondok
Ku: Asep Idjuddin
Nu ngalalana, muka beurang ku kahayang, ngintip burit ku pamikir, nunutur isuk ku suku, nyanding peuting ku hariring. Taya wates kasugemaan, salilana kasaba halabhab rasa. Seubeuh ukur neundeun reureuh, taya panutup nu tangtu. Lir nu nginum cai laut, batan seger anggur jeger, kasiksa ku kalangkang.
Nyorang nu meunang mamantes kungsi mapaesan ngimpi, disuganan anggur mengpar, diarep-arep tilelep, nu ambucuy matak uruy, horeng kalayar molelel. Tapi kapok ngan sapajodogan, panyurung nu nyurungkuy ngurud sakur tunggul huru. Estu teu bina ti kalakay, kumaha angin jeung cai. Ana mulang ngalongkewang, taya pamatri kamari. Reureundahan selang tangkal, ngulisik pedah geus busik. Sakapeung bijil kaduhung, teu lana ku pangbibitan, unggal muka unggal asak, kawas kabobodo tenjo kawas kasamaran rasa, dikucuprak mah, atah kabeh.
Sawindu nyuhun panghurun, nyundul padumukan tihul, dalapan warsa kabawa, taya daya kumawasa. Padahal unggal renghapan balatak nu ngaheroan, saincak-incak ngajagang, kari milih kumaha karep. Komo mun aya wahana, kawas ngadadak sumerah, nu diudag kasenangan nu teu lana. Hayang deui lapar deui, pabaliut jeung hanjelu mipit sesebitan ati, mipir kanyeri nu pulang anting. Sakalieun nenggak, ngalungsar kawas banusan, rumenghap bagja satapak.
Indit nyingkahan karudet, neang bagja sakedapan, murudul duhung panungtung, da lengkah sasab jajahan, mabal kana lahan angar. Padahal aya panghalang nu mo bisa ditaragal, najan sakapeung mah poho, apan umur diukur, nafas dialas, paselang gancang jeung laun, lir buludru numpuk cucuk. Naha mun nepi ka waktu, moal murungkut ku hurun? Lesot tina hiji dahan, ngait kana dahan sejen. Babakalan jiga enya, horeng atung eneh atung eneh. Katambias surat kayas. Mawa koredas bobodas rasa, ngagenclang cimata sutra. Tapi ukur ngalieuk sakeudeung, balik deui-balik deui. Teu eungeuh leumpang teh teu nepi-nepi. Padahal unggal waktu nutug kana pangbalikan, paribasa panjang umur kalangsu ku urut tutur, ray poe ray poe dicontangan ku kahayang, ku kalangkang, nu mawa bagja sakedapan. Manehna ge mindeng ceurik kalan-kalan jero ati, teu langka katembong ngembeng, tempo-tempo kasurung ku tangtung duhung, katambias ku rumasa, mindeng suda dahar suda sare, najan lain kuru cileuh kentel peujit. Tapi kapaksa ku tumarumpang, nginjeum nyawa nginjeum raga, najan teu pok ijab kabul, tapi da sidik injeuman. Hartina taya iwal, keukeuh kudu dipulangkeun. Nu ngait kana ati binarung rasa sieun tan wangenan, eta mun nginjeumna beresih ari tempo dipulangkeun kotor. Rek naon nu jadi kelah mo bisa diulah-ulah mo bisa diembang-embung, geus niba kana patokan, sakur pamulangkeun kotor nya tetep kudu diseuseuh, dina umpalan letah nu meredong. Lamun ngukur babandingan, lain bantrakeun nu wawayagon, da puguh jauh bedana. Kiwari make tangtungan, sapoe sapeuting 24 jam, dina waktu nyeuseuh injeuman, keukeuh matok sajam teh lima rebu taun.
Sacara matematis geus kajudi, mun kudu titereb 6 jam hartina tilu puluh rebu taun, padahal dina tataran normal kiwari saabad ge saratus taun, jadi panalekna sabaraha abadeun? Rek kuat kitu, bari nyandang wirang jeung kanyeri nu taya watesna? Apan moal maot deui. Da dibebaskeun tina maot, moal aya hiji oge malaikat maot nu wani nyampeurkeun, sabab tugasna geus rengse, malah apan para malaikat maot, ge milu maot. Mun nu sejen dihudangkeun ku hujan mani, malaikat maot mah jeung milyaran anak buahna teu rengrot teu usik ku hujan eta, da hujan eta mah husus keur nu boga raga, boga nyawa, boga ruh. Nya kitu hayawan jeung tutuwuhan ge moal aya nu kapangaruhan da najan dibere raga jeung nyawa, taya nu kabagean ruh.
Eta kabeh ukur dijieun catetan, henteu dijieun patokan. Kangaranan catetan tea, mindeng poho batan inget, mindeng kaliwat batan kabaca, malah tempo-tempo catetanana ge leungit. Buktina rarungsing ngabarungsinang, mun dibere inget sangkan nempo catetan. Ngadadak ngajaul jagjag semu jumago, pikeun mindingan ka-hengker-na. Ngarah teu kapiteng hengker, kapaksa sagala rujad, dan tunggul dirarud catang dirumpak. Benteng kedeplik nu geus ngipisan mah komo deui, katojos ku kuku ge tobros. Tobrosna benteng bareng jeung bijilna dajal (najan incu buyutna), tuluy ngadurukan lebah dada. Atuh mokaha heabna teh mawa sangar satungkebing langit hideung, satangkaraking jagat nirca.
"Jadi rek kuma atuh pikarepeun?" ceuk Kalangkang nu salawasna nutur-nutur.
"Ah kuma behna we, da kuring mah usik aya nu ngusikkeun, raga taya pangawasa. Komo nyawa sasampiran awak ukur sasampayan." tembalna asal calangap.
"Har pan lain ukur nyawa jeung raga, malah diinjeuman ruh sagala, otak jeung akalna, panon jeung awasna, ceuli jeung dengena, letah, kulit jeung rasana. Enteng atuh ari embung nyanghareupan balitungan mah." jawab Kalangkang beuki deukeut.
"Lain embung, da mo bisa dipondah, ngan seunggah..." cenah.
"Nya heueuh sarua we. Licik atuh, daek nyuntik embung disuntik. Kuduna geus dibalitungkeun ku sorangan, samemeh niba kana balitungan Nu Maha Adil. Moal leuwih moal kurang, saayana, saujratna. Ngan pedah geus aya papasingan. Nu kaburu nyungkur tobat, dipupus, nu ngait sagede siki sasawi, samenit, sagede siki jambu sapuluh menit, sagede siki kadongdong saparapat jam, tuluy we dumasar kana umpakan pagawean, nyanding umpakan wawales. Ngimbang tumpukan hadiah." pokna.
"Tah enya eta nu jadi seunggah teh, da rumasa teu pantes ngimbang hadiah, tapi ari nyanding wawales, teu parurun, da..." jawabna teu kebat.
"His taya ti dituna bisa ngolembar, kudu cara baheula geuning mani panggagahna, pangjagina, pangwanina, taya nu dihiding; ulama dibura, ajengan diherengan, santri dipiijid, pamarentah dibantah, kulawarga dibibira, mun aya nu kumawani ngelingan teh, malah nepi ka wani nyalahkeun Nu Kagungan, ku cara goreng sangka. Cing buktikeun, pan ceuk anjeun keneh, wani migawe, wani tanggungjawab. Batur mah ukur runtah, anjeun sorangan nu bener mah lin?" kalangkang teh nunjuk rorek.
"Heu da beda alam, beda angin, ayeuna lain baheula, baheula lain ayeuna. Piraku wates baheula dipake ayeuna, bari nu ayeuna disingkirkeun." tembalna.
"Lain kitu, tapi moal aya ayeuna mun euweuh baheula. Aya ayeuna sabab aya baheula, aya tunggak aya watang, ceuk Amanat Galunggung ge. Hartina lain nu baheula make ukuran ayeuna atawa sabalikna, tapi kalakuan baheula dihukum ayeuna make parameter nu geus ditangtukeun. Bisa parameter baheula, luyu jeung nu dipilampahna, bisa parameter ayeuna, pedah geus robah, bisa oge tunggalan dua parameter. Tapi najan kumaha wae. Titik panginditanna mah geus pasti; nu salah dihukum, nu bener dibere hadiah. Pek wae rek kukumaha ge da moal ngarobah eta kapastian." Kalangkang beuki negel.
Wirahma Kinanti nyalin jinis jadi Kidung, mengpar lana Magatru tungtungna ngucuprak Pangkur, ambek nyedek tanaga midek, kasieun geus miheulaan lumpat nyunyuntrung panggulung, lir gulang-gulang kabandang dina lilingeran kukulinciran. Hese atuh, sasab sagala nu rumengkak dipenta tanggungjawab, sagala nu dumadi diperedih panilikan, nu mibanda paripolah, teu bisa mopondah. Dina kujur jurus pangkur kudu puguh alang-ujur, kudu nungtun panuduhan, najan bisa samar kawas Tanjung Anom jeung Irawan, sadulur patutunggalan, marebutkeun bener hiji pada ngaku. Teu bina ti Jayasakti nyaba ngalalana ngitung lembur ngajajah milangan kori, lir teu puguh nu dijugjug. Mantri jero wijaksana, ciri turunan ratu rembesing kusumah tetesan andanawarih, lain menak samarangan. Ku lemah-lembut jeung handap asor, raja badog, nyuuh nyegruk taluk bari teu ditekuk. Lebah dinya kudu bener nasarupkeun, nuar janggot mah ulah ku patik, atawa ngurud tunggul ulah ku silet. Da geus puguh parantina, lain asal jeblog asa jekok. Kacida mahiwalna mun maehan reungit ku kanon, ngebdil kapal ku sumpit. Nu leuwih ruksak deui, mun niat motret dikodak ku mariem. Hartina sagala ge aya parantina, aya tempatna. Kawas nyiuk lauk ku dudukuy, bisa. Tapi keukeuh parantina mah ayakan. Tah nu sok malawading teh karereannana sok hayang gancang, asal daek asal kek, najan lain parantina, atuh mimindengna ngabulasin. Geus kitu mah, ngadat. Murang-maring meupeus-keuyang. Nu aya nu tembong, kabeh ngan salah jeung salah. Teu sadar yen sumber kasalahan sabenerna, dirina sorangan.
"Tapi kumaha atuh, Nun? Pan gurba Kurusetra geus lila muka, unggal juru geus dihias ku joprak jeung jemblongna getih. Baratayuda teh asa sakotret kayu-api, sacekes bengsin. Nyawa manusa murah-mareh. Pupuh Pangkur geus heubeul madungdung. Kabeh ngarasa bener. Ceuk babasan ge ngala nyawa manusa tilu siki mah cukup ku ucul udud sabungkus. Bari papada muslim, deuih." pokna rada nambalang.
"Enya ngarti. Najan kami ukur kalangkang nu teu mibanda rasa nanaon, tapi mibanda rengkak tina bangbalikan sinar nu mucunghul tina wujud andika. Tapi kami bisa nempo gambaran rengkak, malah sakapeung mah sok ngurung nyumurup jeung raga. Hartina naha salah mun kami mere iber, ka nu boga tur katitipan raga, batan ngaheulakeun batur?" cenah.
"Jadi maksud andika teh...?"
"Cing rampa ku rasa, naha boga keneh atawa ngancik keneh eta nu disebut nurani?"
"Nya puguh we, komo, kantenan."
"Mun kitu atuh, teu kudu milu asup kana gelaran Kurusetra, pan meureun boga pamilih, boga pamadegan, boga kahayang, boga implengan. Ulah kabawakeun buntu laku ngabagong mogok."
Huleng. Dipikir diicip-icip, dipapay dirasa-rasa, manehna manggih deui hulu iteuk palangeran, najan enya rada ipis bari can kacekel-deleg. Ngan galura jeung caliweurana panundung pangkur, asa teu pati mangaruhan. Jaregjeg ngajaran mapay lengkah kamari, memeh kasarad kabawa mijah. Kapanggih aya nu pangdenge breh tembong sagurat kalangkang najan teu hideung cara biasa, tapi ngeplak bodas suminar: opat ringkel nu geus matok, alif lam lam he. Nungtun padungdung wirahma pangkur, ngalawan nu ngaranjah lebah dada. Cag.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar