Rabu, 10 Februari 2010

Kembang Sirna
Carita Pondok

Ku Ihung

Peuting nu nyiliwuri. Combrek gaang katincak. Lar, lalay, katangar mawa samagaha kana pirang-pirang hateup lalangse. Duh, mana bentang nu sok capetang ngitung bulan. Duh, mana panutan nu sok ngitung ibun dina tungtung panon harepan.
"Kadaluarsa atuh Neng. Tos teu jaman, mojang nungguan bujang. Ka dieu geura, eta hate cuang geberan ku kingkilaban."
Alim ah, wios carinakdak ku cucuk rangganak. Wios raheut meungkeut pageuh sabudeureun madhab. Seja dilana kalangkang sampayan manah. Reunceum rarancang jeung manehna. Tos patali pakait ati. Neng mah percanten, da jangjina seja ngajak nyaba mapayan galengan mega. Tuh, ka ditu. Kana umpalan buleud-buleudna.

"Bohong ta teh Neng. Buaya darat. Akon-akon nu rek nyeuseup kembang mangkak."
Nu bohong mah beja. Ngahaja sangkan rentag nyaliara. Pedah angin sok malidkeun katumbiri? Panyana kitu, Neng teh, saha? Neng mah sanes warna nu dikumpulkeun panon poe tina hujan. Sanes, Kulan.

"Itu geura..."

Geura ku Neng cuang buktoskeun:

Nu di kulon, supados tompokkeun. Nu di wetan, pangbejakeun. Nu di kaler, pangeceskeun. Nu di kidul, gancang weruhkeun. Neng nyambat ti kaanggangan, Tina seeng, lelenyepan.

"Mana? Moal kateja. Da nu nyaba geus boga warangka anyar!"

Nu nyaba nyandak kapalay. Nyandak pepereni nu dilaer tina amis reumis janari. Kamari. Basa nyangsang kecap jeung ikrar. Duriat duaan, ngajurung laku. Pan Bapa ngahaja ngadoja.

"Buktikeun Jang, bulan hareup urang ala. Silihmudalkeun katompernakeun, geura rapal panyangcang. Keun, sareatna mah, cukup ku hayam salaksa, emas sakintal karat, duit sagepokan kanjut kundang."
"Puguh Neng, puguh eta kasalahanna. Saha jalma nu teu direweg ku dunya. Apal geus beurat beunghar, kalan-kalan mojang lembur, dalah wanoja kota moal burung tinekanan. Atuh, di kota tea, sasat nu ngagelebur, ting rarindat ti unggal juru. Kari mentang ku eusi pesak, tingserendel nu nyampeur ngigel."

Mangga teh teuing, Kulan. Nu hurung na biwir tangtung. Nu rancung dihuru hirup sorangan. Bade diipis-ipis iman, bade dibedas-bedas pangajak setan, da lengkah mah panjang ku karang mulangna. Ku golodog tetenggerna. Da kalangsu, ngajaul tetep ka indung subuh, da sasab mah tetep muntang ka bapa beurang.
Saha indungna?

Beuteung reuma, nu ngageubra ti bubudak. Pucuk antanan nu diramedan ku panangan kiwa. Lahang nu nyorodotkeun tuhur. Sandekala nu dicenahkeun, sok ngarawu mangsa sareupna. Neng, nu heman ngarencangan manehna mupu lampeni-lampeni kolot. Saha bapana?

Cadas teuas nu nangtawing dipake nyayang cangkakak. Rangrang-rangrang garing tikebon jero. Oray welang nu nyamberan obor. Laleueur susukan. Neng, nu tara panasbaran, mun manehna hehegak dumeh talang bareulah ku hawa katiga.

"Lah, Neng, nu kitu mah ngalices atuh ku saangseu seungit parpum ge. Nyodo jeung puringkak calana pungsat. Sagilek nu kitu mah."

Henteu ah. Seungit keneh batu walungan nu lalukutan. Nu muringkak mah, sora hatong ti kajauhan. Neng jeung manehna lulumpatan di tegalan. Muter-muter kolecer tina tamiang. Manehna ngesang, digeberan daun waru.

Hihid aing kabuyutan. Ubar cape kapanasaran. Keun angin ngahiukan. Kana kesang maruragan.
"Mun enya mah meureun geus cunduk...."

Teu acan mangsana. Nu anggang keur maratkeun panasaran. Di mana mulang nyandak ibar buntelaneun. Diguar payuneun Neng. Didadar siga dalang muka lalakon. Beubeunangan, bagikeuneun. Keur nu peryogi mujarab tina ajimat pangalaman.
"Bakal mawa, hayam salaksana?"

Hayam mah pan seueur di lembur. Da di dayeuh mah nu dipiara ukur sorana. Ukur siih jeung jawerna. Palebah kongkorongok tina ngempur lampu neon, nu dipandar rumasana. Ngahudang singray katunduhan. Nyecep bayeungyang lelembutanana. Emut ka tampianana. Ka lemah cai, pangulinanana. Ka Neng, nu sabar nyawang jajalanan datangna. Kana sasawer galindeng pancuran nu sok diroris talang saatna.

"Bakal mawa, emas sakintal karat?"

Bakal. Emas teh pan paniatanana. Niat ngamuarakeun bagja hirupna. Cukang lantaran katerangna. Nu dipahing, ulah salah panincakan. Ulah lolong paningalna.
"Mun kitu kanyataanana?"

Teu manggapulia. Da jalmi mah karuhun pitrahna. Aya beurang jeung peutingna. Aya pudun jeung tanjakan. Aya mijih jeung halodo, apanan.
"Kumaha atuh?"

Kumaha soteh muka tulak jaga geto. Pipinding mangsa jurig nyiliwuri, mangsa setan mindarupa.
"Bakal mawa, duit sagepokan kanjut kundang?"

Duit mah daun babadotan. Neng jeung manehna sok resep anjang-anjangan. Neng, minangka nu ngawarungna. Manehna minangka nu ngagaleuhna. Pami tos laas kana bosenna, babadotan dipalid-palidkeun ka susukan, "Parahu kuring nepi ka laut. Parahu kuring ulah tilelep..."
"Ari eta nu datang, saha?"

Nu rentang-rentang ukur kalangkang. Nu ngabelegbeg ti kaanggangan mah, kasono-katineung.
"Ari eta nu ngadeukeutan buruan, saha?"

Panyileukan. Matak beuheung sosonggeteun. Ditelek-telek, ukur gayabag kararas. Palangsiang, meunang dodoja kabina-bina.
"Eta nu uluksalam!"

Dadanguan nu kasoran. Nu leeh ku harupat mangsa. Sanes, sanes manehna. Suantenna mana beurat-beurat teuing, kawas nu aya dipinding, moal kitu kaselek ku peurah jaman.
"Geura waler, Neng."
Alim ah. Sanes ieu nu diantos."
"Nya saha?"
Manehna!
"Saha."
Nu mapat jangji mangkukna. Moal gadag-supata. Moal ngabolay ngudar catang. Pamohalan ngundeur pucuk teu yuni. Nganyenyeri hate.
"Teu nganyenyeri. Da memang kitu manusa mah. Pan aya pudun jeung tanjakan, sanes?"
...
"Naha bet cacandakan, nya Neng. Murangkalih nu diakod, sareng istri nu rancunit; nu pipi dipulas beureum, nu buukna layung jagong, nu seungitna nyambuangkeun kesang tiis."
...
"Neng, naha kalah nangis. Geura waler eta salamna. Hawatos itu murangkalihna katirisan. Hawatos carangkeuleun..."

Jempe. Moal galideur deuleu. Sok loba jalma aral tiheula. Panungtungna kuciwa. Antukna hanjakal, nalikung saumur hirup. Mentegeg kabawa ka liang makam.
Boa saha, eta mah. Boa ukur panguji ka Neng...
"Mudah-mudahan, atuh nya, Neng."

Manehna teu boga rumasa. Cedo ukur tempat nyangsangna kebul beurang jeung peuting. Beungeut rata, teu legok ku sawangan, balitungan, ku ugeran.

Mana jangji teh. Ukur ngabuis tina letah, cara lalab. Teu uyahan ngan mayakpakkeun harepan, diuntun sapanjang kecap. Diwawaas susumbar, sumpah Pangeran, sagala.

Nu kitu terahing ati. Panyanggah pamuntangan. Ubar tineung. Areuy cecekelan, mangsa tisoledat, kecap, lengkah. Panangtayungan umur. Rangkuleun mangsa tuur ngeleper, mangsa sirah jangar dihileudan hawa sangar.

Nu kitu nya?

"Ih Neng, ulah waka capetang nyebatan nu teu kedah disebatkeun. Anggur ge waler heula salamna. Tepangan ka ditu. Hanas kalbu tos kaduruk ku silalatu. Hanas manah tos karerab seuseureud engang. Manahoreng sanes manehna. Manahoreng ukur tamu nu ngadon nyiruruk kapeutingan. Ukur jalmi, nu sami, aya dina lalampahan."

Moal. Salam mah keur jalma bener. Moal dimurah-mareh ka nu murah. Teu ngaboga harga, martabat, kapercayaan.
Kajeun pegat tikorona. Kajeun ngajorowok mapakan mega. Kajeun jumerit salaput langit, sora minuhan sakuriling bungking; moal dijawab. Pamustungan.
Ieu dada saak. Raheut. Getih ngagolak kapeurih. Asa disebitan sakabeh hinis. Gudawang. Ngabayabah.

Nyeri. Saketi cucuk nuncleb jantung. Moal aya pameperna.
"Napsu mah moal aya tungtungna, Neng. Nganteur-nganteur panasbaran mah moal raat ku ukur nahan ambekan. Teu sae Neng. Sanes kitu mojang panyangga bulan mah. Mojang rancunit ku wirahma kasabaran. Nu pageuh nyepeng pengkuh kawijaksanaan itungan.

Sina ge, manehna sadar. Ukur Neng, wanoja beulahan raga. Irongan sadaya bujang. Nu mandang lampah ku tabeat riak-riakna talaga. Cai talaga nu meper hareudang, hanaang. Cai talaga tempat kokojayan soang bodas. Cai talaga nu wening. Herang ngagenyas, ngeunteungkeun mata kahirupan.
Talaga nu mayakpak satungtung panyawang. Ting gurilap; nga-inten berlian, ngaemas sinangling."

Lamun kitu, naha ngadon datang ka dieu. Mawa saha? Rek mapanas nu teu dosa? Naon salah tong bebewara.
"Aya seja, nu sanes kadinya panginten Neng? Matakna tepangan. Meh kanyata, naon nu saleresna. Bilih salah kaprah, salah paham. Boa itu manggul sajabaning maksad nu ku urang teu kaitung. Boa itu nangeuy carita nu tos ninggang wanci didadar, diguar, payuneun sarerea.

Sok tepangan Neng. Susut cai socana. Tegerkeun hatena. Giligkeun: yen urang wanoja nu teu barangasan. Nu panceg dina ugeran. Teu geusan harupateun.
Tepangan Neng. Tuh karunya; nu diakodna ngarenghik ceurik, katirisan sigana mah. Tuh kalah duanana ngaharuleng.

Sok. Papatkeun jampe kahade-budina."

***

Lalangse maluguran. Kembang-kembang mangkak. Nyambuang seungit peuting. Lalaunan samagaha nyingray. Sora cakcak. Sora angin mulangkeun jirim ti panyabaan.

Bray panto muka. Ting karetip sorot mata dihaling ku halis. Silih teuteup, jauh antebna ngaliwatan nu katampa ku mata kasar; kana ati, kana balitungan lalampahan mangtaun-taun ka tukang. Lalakon hirup. Lalakon para dalang, nu ngigelkeun wayang-wayangna.

Simpe deui. Gaang katincak dina lebah-lebah dada. Tuluy nyurungkuy semu: handaru ratug jajantung.
"Engkang, eta teh?"
"Leres. Ieu pun bojo; nepangkeun."

Sirna.

Tidak ada komentar: