Rabu, 10 Februari 2010

Kuring Neuteup Bulan
Carita Pondok

Ku: Ena Rs.

KURING diuk dina sisi teras. Panto imah ngahaja dikemplongkeun. Kuring anteng neuteup bulan nu karek ngurumuy ti tukangeun mega. Peuting geus meh tabuh dua belas. Tapi kuring masih anteng ngumbar lamunan. Inget ka Cici. Pamajikan kuring. Nu ayeuna geus taya dikieuna. Ninggalkeun kuring. Sorangan...
Sugan dina bulan aya kalangkang Cici. Nembongan. Kajeun najan sajorelat...
Hhhhh...

Cici mah, tangtu di alam kalanggengan teh keur ngahenang-ngahening. Meunang pangbagea nu hade ti Gusti Alloh. Sabab salila hirup, anjeun mah geus mapay jalan nu pinuh ku cahaya karidoan Anjeunna. Jalan nu pikabitaeun. Jalan nu nuju ka sawarga. Malah sakapeung mah kuring ngarasa sirik. Sirik ka anjeun. Enya, sirik... lantaran kuring mah teu bisa kawas anjeun....

Ci, bagian nu pangbagjana dina hirup kuring mah, nya salila hirup rumah tangga jeung anjeun. Bagjaaa teh. Kuring asa jadi jalma panguntungna saalam dunya euweuh nu nandingan. Meunangkeun anjeun nu nya geulis, nya soleh. Salila hirup jeung anjeun kuring asa jadi raja. Teu weleh diladenan sagala kahayang. Anjeun mah Ci, enyaan jadi istri nu babakti ka salaki. Satia. Tuhu. Nyugemakeun. Emh, naha aya deui istri nu kawas anjeun, Ci? Asana moal manggihan deui.... Anjeun ukur hiji-hijina. Taya deui. Moal aya nu sejenna deui. Teuing mun pedah kuring mah beak bogoh ka anjeun teh....

Dua taun ka tukang basa anjeun mimiti sok ngangluh teu kaop cape sok tuluy eungap, sugan teh moal jadi awal dicabutna kabagjaan hirup kuring. Sugan mah eungap biasa we.... Inget harita teh... anjeun katarajang eungap deui.

"Tapi, A, ieu mah sanes eungap asma da. Ieu mah dada teh asa aya nu ngaheumpikan. Napas ge asa teu laluasa..." ceuk Cici harita. "Ari asma mah eungapna sok di dieu..." bari nyabak beuheungna, "Ari ieu mah di dieu!" bari nyabak handapeun dadana.
"Naha ku naon, nya?" cek kuring rada reuwas. "Moal kitu keur ngandung mah?"
"Ah, sanes, A. piraku da di-KB..." cek Cici.
"Saha nu terang kabobolan... bongan Cici sok segut teuing..." cek kuring ngaheureuyan.
"Ih, saha nu segut? Aa pan nu segut mah..." Cici ngadilak, mesem, lucu katempona. "Ongkoh piraku ari ngandung eungap kieu mah..."
Enya, nya. Piraku. Asa tara kitu. Kuring ngahuleng. Tuluy neuteup beungeut Cici nu tembong keur ngararasakeun panyakitna. Napasna ge atra. Kadenge. Jiga nu cape. Ngan tarikanana pondok. Hhhh. Hhhh. Hhhh. Hhhh. Buukna ku kuring diusapan. Heman... Emh, Cici!
"Hayu, cuang ka dokter!" cek kuring bari cengkat. Hariwnag. "Ulah diantep, bisi kumaonam..."
Poe eta kuring nganteur Cici ka dokter. Sanggeus dipariksa, diagnosa teh: jantung! Gusti, Cici boga panyakit jantung! Kuring ngajenghok. Reuwas lain dikieuna. Mun tea mah kungsi dibentar gelap tengah poe ereng-erengan, nya kitu perasaan kuring harita... Najan kahariwang ngeunaan panyakit Cici ti tadi ge asa beuki gede wae, tapi teu nyangka lamun panyakit jantung mah... Teu nyangka sacongo buuk ge. Teu! Sugan teh panyakit enteng we.

Erep obat ti dokter eta, masih karasa, ngahaja Cici dibawa ka dokter sejen. Neangan second opinion maksudna mah. Bisi dokter nu ti heula salah diagnosa. Masing dokter ge da sarua manusa. Bisa salah. Tur sabenerna eta nu dipiharep ku kuring. Muga-muga we salah diagnosa. Lain kasakit jantung.... Tapi hasilna sarua. Jantung. Duh, Gusti! Bari tina roman dokterna bisa kabaca, panyakit Cici teh kawilang parna. Moal hade diubaran. Moal hade dicageurkeun. Ukur nganti-nganti kana takdir ti Gusti Alloh...

"Nya, entos, A... meureun tos takdir Cici ieu mah..." cek Cici. Sadrah. Sadrah pisan. Narima eta cocoba kalayan ihlas. Ihlas pisan. Teu tembong alum atawa sedih. Teu katingali ngeclakkeun cimata. Duka mun tukangeun kuring mah. Nyumput. Sangkan teu katempoeun ku kuring. Estu teger. Ludeung.

Kalah kuring nu gering pikirna mah. Kahariwang kana kasehatan Cici teu weleh napel na pikiran jeung hate kuring. Rarasaan teh teu pernah sirna. Kabawa ka mana-mana. Jadi bangbaluh nu pohara beuratna. Kalah sering hulang-huleng. Ngalamun. Nyawang nu teu puguh. Cus-cos. Ka mana wae. Mun sadar: ngarenjag bari istigfar. Astagfirulloh...

Tapi enya, dina kaayaan kieu mah, kanyaah jeung asih kuring ka Cici ge asa leuwih nikel... Asa leuwih nyaah. Asa leuwih hayang nyenangkeun. Asa leuwih hayang ngabagjakeun. Asa leuwih... ah, sagalana keur Cici... Asal panyakitna bisa cageur...

Karunya Cici. Kuring mimiti ngagentenan pagawean Cici di imah. Sasapu, ngepel, kadang masak. Ngahaja sok dipiheulaan. Karunya bisi capeeun, terus katarajang eungap deui. Kajeun kuring jadi leuwih repot, nu penting Cici ulah katarajang deui.... Sok teu tega nempona. Mun bisa mah eta panyakit teh dipindahkeun. Kana awak kuring. Kajeun kuring nu ngaganti. Ulah Cici.

Sok ngarakacak mun Cici geus kaserang eungap deui teh. Ngalelempreh bari peureum. Beungeutna pias. Biwirna ngeleter. Tapi Cici mah... emh, Cici, Cici... dina kondisi kitu anjeun tara poho ka Gusti Alloh. Ngagerendeng istigfar.... Leungeunna sok nyekel ka kuring. Buukna diusapan ku kuring. Bari reumbay ku cimata eta teh kurnig mah... Teu kuat. Najan kuring teh lalaki.

"Naha Aa tadi nangis?" cek Cici lamun geus leler deui. "Cici ge nu teu damangna teu nangis... Aa mah cengeng, ih!"
Kuring nyerengeh, era. Teu nembal. Rumasa diri teh hengker. Cengeng. Rumasa, Ci!
"Nyaah ka Cici, nya?"
"Atuh puguh, Ci!" cek kuring bari nyium pipina.
"Sieun Cici maot, nya?"
Kuring molotot. Najan enya eta kasieun teh nyangkaruk na diri kuring, tapi bararaid teuing kudu dikedalkeun. Malah sering dibangbalerkeun. Dianggap hal nu mustahil kajadian ayeuna-ayeuna. Kumaha teuing mun Cici... Gusti, teuing kumaha hirup kuring mun Cici... Gusti... Hirup kuring jiga beurang nu mimiti nyanghareupan peuting. Reup-reupan. Heg peutingna teh nu taya bulan. Taya bentang. Poek. Mongkleng.
Tapi Cici kalah seuri.
"Ah, da sadayana oge bakal maot, A. Cici, Aa, batur, hiji waktu mah bakal maot. Naha kedah sedih?" omongna teu riuk-riuk. Yen maot teh bakal misahkeun kuring jeung Cici. Keur salilana. Moal tepung deui. Moal babarengan deui.
Kuring kalah reumbay ku cimata deui. Cici ngusapan buuk kuring.
"Aa ulah sedih! Cici mah teu sieun ku maot ieuh... lamun Cici ngagugulung kasedih ku pimaoteun lantaran ieu kasakit, iraha atuh Cici bakal gaduh pibekeleun keur di alam jaga?" sora Cici mani leuleuy. Kawas nu keur mapatahan.

Kuring nginghak. Teu kedal kecap naon-naon. Tapi inghak eta teh sarebu basa nu aya na hate kuring. Basa kamelang. Basa kasieun. Basa kanalangsa. Basa kadeudeuh. Pacampur. Ngan hese dikedalkeunana.
"Cek Cici mah lamun urang mikiran pimaoteun, nu kudu dilakonan mah ngeusian kahirupan ieu sahade-hadena. Nyaketkeun diri ka Gusti Alloh. Ibadah. Ngadamel kahadean ka sasama. Ambih aya pibekeleun. Ulah sedih. Kanggo naon sedih? Moal aya pahalana sedih mah, A. kapan Aa kungsi nyarios, naon nu kajadian ka urang teh eta hal nu panghadena mungguhing Gusti Alloh..." cek Cici deui. Jiga nu ngupah-ngapeh kuring. Ngupahan. Sangkan ulah sedih. Ulah ceurik.

Tapi kuring teu bisa. Angger sedih. Kuring beuki nginghak. Hayang gagauk sabenerna mah. Ngan era. Kuring nyuuh dina lahunanana.
"Barina oge can puguh Cici tereh maot ku ieu panyakit. Saha nu terang ditepangkeun jeung tambana. Saha nu terang Cici tiasa damang deui. Saha nu terang boa Aa nu ti payun maot..." cek Cici deui sanggeus simpe sakedapan.

Mun bisa mah enya Ci, kajeun kuring nu tiheula maot. Ulah Cici heula. Rido kuring mah. Ambih Cici bisa ngambah kahirupan nu leuwih bagja. Kajeun teuing mun kuring maot tiheula, Cici boga salaki deui. Kajeun, Ci.
"Urang ngadunga wae ka Gusti Alloh, muga Cici tiasa sehat deui. Ari harepan mah Cici ge teu pernah pareum..." Cici ngaharewos. "Aa percaya sanes kana kakuatan dunga?"

Kuring nyusutan cimata. Tanggah. Neuteup beungeutna. Cici tembong imut. Kuring unggeuk. Najan teu yakin. Naha bisa ngarobah takdir? Bisa soteh ngarobah nasib. Ari takdir? Ari pimaoteun, pati?
Hirup Cici teu robah. Angger gawe. Angger ngaladenan kuring kalayan ihlas. Angger ngaping budak nu karek hiji-hijina, Si Ade. Angger sok ka pangajian. Angger tatamba. Sumanget hirupna tetep ngagedur. Beda deui jeung kuring nu asa beuki tikusruk kana tempat nu heurin balas mikiran panyakit pamajikan. Najan Cici terus ngingetan kuring. Ngageuing. Mepelingan.

Beuki dieu panyakit Cici beuki parna wae. Tatamba mah tatamba. Ngan taya hasilna. Tug nepika hiji waktu... Cici ninggalkeun di rumah sakit. Nepi kana takdirna. Bleng poek kahirupan kuring harita. Kasedihan nu ngukuntit nepi kana puncakna. Kahariwang jeung kasieun nu nyangkaruk na diri kuring, harita ngabukti. Cici dipundut ku Nu Kagungan. Ningali beungeutna bangun nu ihlas. Tingtrim. Aya imut nu teu leungit dina biwirna nu geus kaku....

Pileuleuyan, Ci... Mun bisa mah kuring nuturkeun. Kungsi kapikir hayang nelasan maneh. Tapi tangtu Cici moal rido mun kuring kitu.

Ti harita kahirupan kuring teh amparan kasedihan. Umplung-amplang. Asa moal manggih tungtung. Nyorangan. Simpe. Iwal hiji nu jadi kagumbiraan teh... Si Ade. Ieu mustika titinggal Cici. Tapi mun nempo Si Ade keur ulin nyorangan, malah tambah kasedihan teh. Budak nu can hideng teh geus kaleungitan indungna. Ade, Ade... Yeuh, tingali, Ci, anak urang... Muga we diwaris sipat anjeun nu sabar, teu pernah pegat harepan. Ngagedur sumanget hirupna... Muga nya, Ci. Dungakeun we ku Cici ti kalanggengan.
"Pa..."
Kuring ngarenjag. Lamunan peuray. Teu kanyahoan Si Ade geus nangtung gigireun. Gigisik.
"Eh, sayang, ka dieu. Ku naon gugah?" cek kuring bari ngalahun Si Ade.
"Sieun, Pa." tembalna.
"Sieun naon? Pan aya Bapa di dieu..."
"Sieun Bapa teu aya. Kawas Mamah... bongan bapa teu sare caket Ade..."
Kuring nangkeup Si Ade. Hhhh, "Moal atuh, De. Pan Bapa aya di dieu. Reup sare deui..." budak sina sare dina lahunan. Kuring can ngarasa tunduh. Hoream keneh rek ka kamer teh. Di ditu ge sok kalah ngaherang. Ngalamun inget ka Cici.

Kuring neuteup bulan deui. Angger ngangkleung di langit nu lega. Sababaraha mega ipis tembong tingarudat. Bulan geus mimiti lingsir. Hawa karasa tiis. Sora mobil nu liwat di jalan gede kadenge tingdarius. Jempling deui.
Hhh, Ci, kuring ayeuna mah inget kana ucapan anjeun, basa keur di rumah sakit. Cici kawas nu geus ngarasa malakal maot bakal tereh neang. "Mun hoyong sasarengan jeung Cici, Aa kudu tetep hirup dina jalan Gusti Alloh. Aa kudu emut kana maot, tapi nu kudu dilakonan mah Aa gaduh kahirupan nu dipikarido ku Gusti Alloh..."
Emh, enya, Ci. Kuring kudu ninggalkeun ieu kasedihan. Kuring hayang tepung deui jeung Cici. Engke di aherat. Cici mah tangtu di sawarga. Kuring ge kudu bisa asup ka sawarga. Da mun dina kahirupan ieu kuring tisukruk kana jalan nu teu dipikarido ku Gusti Alloh, kuring bakal asup naraka. Tangtu kuring moal tepung deui jeung Cici. Moal bisa babarengan deui.

Kuring neuteup bulan deui. Sugan aya kalangkang Cici. Sugan ngolebat. ***

Lembur Simpe, Nov 08

Tidak ada komentar: