salira tangtos teu ngartos
atanapi salira seuri cangcaya
muhun, abdi sareng salira mung
saukur tiasa silih gero dina kalimah
dina telepon, atanapi silih tulis dina komputer
silih SMS, teu tiasa pa amprok
Tapi rampa ku salira jero haté abdi
nu guligahna siang kalayan wengi
rasa gumuruh ombak na jeroning dada
janten tanda yén nami salira sanés
ngan saukur nami biasa
nu tiasa lantis ku cai hujan sapeuting
nami salira nyarengan léngkah, keteg jajantung
dina tatapakan, abdi anu tebih di alak paul
nu beuki lami, mingkin seueur harungan
nenk salira moal ngartos eusining hati abdi
salira moal tiasa neuleuman hati abdi
moal, nenk…..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar