urang bakal patepung. nyacapkeun carita
nu teu kedal dina monitor jeung telepon,
nu teu kungsi kajéntrékeun
ku keyboard, nu tacan kungsi kakirimkeun
kana email atawa sms
nya, hiji waktos
sugan jeung sugan jasad masih ngalalana.
sabab ieu rasa moal leungit saharita,
moal lipur ku pangbagéa batur
ieu rasa bakal tetep ngancik dina lulurung kalbu,
moal aya nu bisa terang, jeung neuleuman,
komo miceun mah
hiji waktos..
duka teuing iraha. pasti paamprok
urang silih tembrakeun kanyaah
kadeudeuh urang duaan
urang silih tembrakeun kasono
kusabab ayeuna
urang teu tiasa patepung lawung
da saukur ti katebihan
hayu urang sosonoan, silih pikanyaah
dina implengan haté urang duaan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar