rebuan kecap ngamalir kana panto hate anjeun
anjeun tangtu ngan saukur seuri bangun cangcaya
enya, kuring jeung anjeun ukur bisa silih gero dina
kalimahkalimah pondok tanpa bisa amprok
tapi rampa ku anjeun seahna hate kuring
nu marengan guligahna rasa
gumuruhna ombak dina jero dada geus jadi tanda
yen ngaran anjeun lain ngan saukur ngaran biasa
nu bisa leungit ku cai hujan sapoe
lain. ngaran anjeun marengan lengkahna hate
didieu, dina tatapakan kuring nu beuki lila beuki jauh
nu beuki lila, beuki rea kahariwang
anjeun moal ngarti kana eusi hate lalaki
moal, geulis....
to 202982
Tidak ada komentar:
Posting Komentar