Sabtu, 20 September 2008

IYEU MAH SANES SAJAK PUJANGGA, NGAN SIGANA SAUKUR GERENTES HATE TI HIJI JALMA NU LOBA NYANGHAREUPAN SEPINA TIBATAN RAMENA. HAPUNTEN KU SADAYANA BILIH SEUEUR KAKIRANGAN NANA…HAMPURAAAAAAAAA……

Resep ulin di dunya maya
Dipikaresep ku balarea
Boh awewe….boh jajaka
Mikaheman….mikacinta

Asa teu beda jeung nu nyata
Sarua wae kajadiannana
Ah……..eta mah kumaha urangna
Mun bisa titip diri……sangsang raga

Hanjakal…..kuring ….hanjakal
Rumah tangga teu jamuga
Da manehna embung sangsara
Babarengan jeung nu tanpa daksa

Nya enggeus kudu kituna
Meureun nu disebut nasib tea….. kudu ditarima
Kajadian sagala perkara
mun nu gorengna ete ti kuring….mun nu alusna
Datangna tinu MAHA KAWASA

Tapi kuring teu putus asa
Bari menta2 ka nu NGAYUGA
Ya Allah…………Ya Robbi
Pasihan kuring kakuatan jeung kasabaran
Dina nyanghareupan mangsa2 nu bakal datang

Mun enggeus datang waktuna…..
Pasihan kuring……..nyanghareupan ajal bari jeung loba amal
Amin Ya Robul Alamin……………… Alhamdulillah......


Tidak ada komentar: