Rasa teu bisa dibeberah sangkan tibra
Pikir ngait dina kamalir peuting
Sawangan nyangsan dina mega kamelang
Tibelat ku teuteup saliwat
Ngahuyungkung ku imut salangkung
Geulis anjeun aya dimana…?
Jamparing asih na beut hese leungit
Kamelang salawasna nyangsang
Rasa sono terus ngadodoho
Jeuntreng kacapi jeuritna ati
Haleuang tembang gambaran rasa
Kaasih ngait ngan kasalira
Kania
Angin peuting ngirim kaasih
Caang bulan mawa kamelang
Kadeudeuh pageuh meungkeut geugeugeut
Tingtrim batin moal rek lengit
Lengkah kuring lengkah ajeun
Asih kuring asih anjeun
Rasa kuring rasa anjeun
Jagala ngan ukur ajeun.
Kania
Najan anjeun duka dimana
Tapi rasa, teuteup jeung imut
Marengan lengkah tiap mangsa
Nutur – nutur ungal waktu
Mugi nyaah teu pasalia
Mugi asih teu pahili
Najan duriat can laksana
Tapi karasa jeung sarasa
Ah kania
Kuring sono kadiri anjeun.
Ngan anjeun anu ngarasa
Ngan anjeun anu rumasa
Mentangkeun gondewa asmara,
Wilujeng wengi panutan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar