Sabtu, 27 September 2008

Bulan anteng nganteur teuteupan asihna ngagantung dina jangjang peuting buana, ditaretes bentang nu ting karetip lir sosoca nu pating gurilap nyaangan jagat. Sakapeung mega bodas siga kulambu nutupan nu anteb mencrong. Bray nyingray deui didudut Batara Bayu nu ngadurugdug buru-buru muru ngidul, lulumpatan apeng-apengan ngoyagkeun dangdaunan. Dina sawangan atra ngeunteungan kalangkang-kalangkang nu salilana ngeundag-ngeundag rasa.

Kuring maca lambaran carita poe katukang.

“Jungjunan, dina mangsa kieu anjeun sok nyanding gigireun ngalende mepende hate. Teu reureuh leungeun patarema silih rames nguntuy ranggeuyan katineung, dirara ngajadi benang sutra nu meulit nalian batin dina hariring asih, dipirig ku angin peuting nu ngahiliwir ngulinkeun rambut anjeun nu panjang sina ngahalangan sinar soca nu caang nandingan bentang. Tapi geuwat disingraykeun deui bisi katumbiri leungit tina pipi nu keur ditanggeuy sapuluh ramo bari teuteup ditelek-telek, paur aya warna campur nu beda tina asalna, inggis sangkaan nyalahan kamelang rempan nogencang…”

“Jungjunan, engkang nyaah ka salira, asih tur deudeuh………!” Runtuyan lisan balaka mukahkeun kereteg hate.

“Kang…!” Anjeun ngagero lirih, tuluy nyalindung kana rangkulan nu salilana pinuh ku pangharepan. Karasa keclak cisoca tiis maseuhan jajantung nu nurugtug beuki motah, awor jeung seah katresna nu mancawura, nyimbeuhkeun kadeudeuh kana keukeupan nu beuki pageuh.

“Gusti, hatur nuhun sajuta kabagjaan nyaliara dina geterna ieu rasa, upami kitu leres geuning abdi teh teu ambon sorangan, sanaos taya kecap cinta cisoca mere tanggara…” Ati ngecewis muji ka Nu Maha Suci.

Harita mindeng kedal jangji pasini dua ati nu pakait dina weningna asih sajati seja silih bela salalawasna ku galura katresna nu beuki nyaliara dina beulahan dada.

“Jungjunan, dimana anjeun ayeuna…?!” Gerentes nu beuki jentre nyeredet ngajojoet hate.

Gantina wanci teu kaciri, obahna mangsa tara katara. Hurip hirup mahluk diatur ku Nu Agung, gerak lengkah insan geus dialas ku Nu Maha Kawasa. Dua hal papasangan salilana bakal karandapan, beurang jeung peuting, suka jeung duka, bagja jeung kuciwa datang piligenti ngarenda jalan kahirupan.

“Jungjunan, tingali ieu jirim nu beuki ngajangjawing balas mieling diri anjeun. Yap geura ka dieu, geura nyalindung dina dada nu salilana pinuh ku pangharepan…”

Dina sawatara sora sato peuting nu eces ngawirahma, gaang bedas ngawawaas, jangkrik ceurik ngabangingik, cihcir lumengis nyeuitan ati, ciang-ciang nembalan bet kalah ka nambahan kanalangsaan. Hawar-hawar sora tembang ngahaleuang mawa hate bet lewang jeung sumoreang. Sora suling ngageuik nurihan diri nyelap datang noel ati sanubari. Hate milu nyoara ngagero leuwih rosa ka Nu Maha Kawasa.

“Gusti, ku teungteuingeun ka diri abdi, bet tega ngarampas mutiara anu salamina dipuja didama-dama…”

Sewu kawuyung ngadudutan jajantung, laksa tunggara nurihan dada, ninggalkeun tatu gudawang nu parna. Kasedih, kapeurih, nalangsa jeung kuciwa ngahiji minuhan diri, sanajan aya sajuta pangbeberah ngupahan jiwa, tapi teu wasa nyumputkeun imut nu kulawu, ngilungan teuteup nu haleungheum, caneom pinuh ku pependut kabingung dina fikiran.

“Gusti, hanjakal ku leuir ngalahirkeun hiji diri nu ngusikeun gerentes suci dina ieu ati. Hanjakal bet telat pisan ngagelarkeun raga nu ngahudangkeun rasa sampurna nu nyaliara dina ieu jiwa. Lamun tea mah mangsa nu baheula bisa ditukeuran ku ayeuna, atawa wanci nu kamari bisa dihilian ku kiwari. Komo lamun waktu nu puluhan taun kalangkung bisa ditebus kupoe isuk atawa bareto bisa ditombokan ku pageto, meureun asih nu wening teh ngajadi nyanding, boa kamelang nu ngalayang nyandang na kanyataan…” Hate humanduar kawas nu seunggah mapag ngarayapna jaman.

Peuting beuki jempling, hate nu meuweuh kanceuh galecok jeung sarwa lamunan. Bulan nu anteng maturan di buruan geus ngaleok ngulon, tengah peuting geus lantis ku ciibun ciciren janari geus ngaganti wanci.

“Duh Gusti, tobat tega temen bet megatkeun duriatna asih dina ieu ati. Naha ukur ku katineung anu disidem abdi dugi ka gering nangtung ngalanglayung kieu teh? Naha lantaran cinta nu teu laksana abdi salawasna kedah nandangan tunggara…!”

Bulan kalebuh dina umpalan cimata, sanajan hate tumamprak kana kanyataan anu tumimba, rehna dina ngantengna tali asih kuring aya gawir nu lungkawing jeung dina ngembatna duriat katresna aya jungkrang nu longkewang nu pamohalan aya jambatan geusan panyabrangan. Jiwa nu keur engap-engapan dina kanalangsaan ngoceak maratan jagat.

“Gusti, taya harti abdi nganti gunta-gantina wanci, ti detik ka detik, ti menit ka menit, beurang jeung peuting ukur nambahan geringna fikir jeung kasuat-suatna batin. Lamun tea mah mangsa teu bisa robah pikeun salilana waktu, kajeun isuk ditebus ku umur, atawa pageto ditombok ku maot…” Hate geus mimiti humandeuar, teuing asa ku seunggah mapag ngarayapna jaman.

“dee…, sing eling ieuh…! Montong sok kalalanjoan ari ngumbar kabingung jeung kanalangsaan teh. Jalma munafek, jalma belegug nu henteu tumamprak kana qadar jeung takdir mah. Anjeun mah kawas jalma nu teu boga Pangeran, kapan urang mah hirup teh darma wawayangan, sagala ngan sakadar sawangan reujeung kahayang. Hirup diwengku ku katangtuan Nu Maha Agung, hurip ditalian ku kapastian ti Illahy. Jodo, pati, bagja jeung cilaka lain banda manusa. Naha kudu make humandeuar putus asa sagala, anggur geura balakakeun ka Nu Maha Kawasa sagala anu tumimba ditampa kalayan ikhlas, tamprakeun ku du’a ka Alloh, sangkan nu dipikaheman tur dipikamelang salawasna aya dina pangrungrum welas asih-Na…” Gerentes hate nu tetep suci ngelingan jeung nganaha-naha diri.

“Gusti, kuabot ujian nu ditibankeun ka diri abdi. Teuing ku sepi ieu ati, asa ku hapa ieu jiwa, kosong molongpong taya eusian geusan pamuntangan…” Deui-deui ati jumerit ngalengis ka Nu Maha Suci.

Dur…, dur…, dur…! Sora bedug subuh ngadurdur di masjid nu beulah kidul. Teu lila ngong sora adzan ngagentraan nitah geura eling ka Pangeran, ulah kamalinaan miara kaulinan dunya nu pinuh ku gogoda jeung kapalsuan.

“Astagfirrulloh hal adzim…!” Bareng jeung leungitna bulan lamunan pegat, hate ngagoak.

“Jungjunan, engkang ikhlas upami enya urang kedah paturay. Demi kabagjaan anjeun engkang rido, teu geuneuk, teu maleukmeuk, caang bulan opat welasna, balungbang timur jalan gede sasapuan. Bral geura miang, geura teang alam padang nu caang nungguan. Jig geura indit, geura sungsi bumi wening nu nganti-nganti. Didu’akeun, mugi anjeun sing mulus rahayu, rahmat salamet, ginanjar kawilujengan. Ngan bae amanat, sanaos anjeun keur angkleung-angkleungan dina sagara kabagjaan, pangaitkeun ieu asih nu suci sanaos ukur ditepi ati. Sakali deui mihape, pangnempatkeun ieu kanyaah anu sampurna sanaos ukur disela-sela nafas salira…”

Bulan geus tilem. Lalaunan kuring nguniang hudang, seja sujud kana lahunan Nu Maha Agung, tamada ku du’a ka Nu Maha Kawasa, seja muka lambaran hirup anyar nu bakal jajap bari mapag harepan nu baris datang.

“Gusti, pasihan kakiatan diri abdi, iman abadi sareng islam abdi nu janten hamba Anjeun ya Alloh dina nampi sagala ujian sareng cobian geusan lulus ka nu dimaksad…”

“Bismillahirrohmannirrohim…”

.....200982....

Tidak ada komentar: